Yu Jaga Leuweung Urang
Gunung nu narangtung hejo ku tatangkalan
Walungan panjang ngagemat caina herang
Sora manuk recet patembalan
Gambaran kaendahan alam
Kaendahan alam paparin ti Gusti
Nu ku urang kudu dipusti-pusti
Tempatna hirup kumbuh sagala rupi
Kusabab eta urang kudu eling ka Gusti
Leuweung kudu dimumule
Meh salawasna jadi hade
Lantaran leuweung teh pihape
Pihape incu urang keur jaga engke
Leuweung ulah diruksak
Komo lamun digalaksak
Akibatna bakal malikan
Malikan bencana pikeun urang
Yu urang jaga leuweung urang
Mumule jang kahirupan
Tong diruksak tong digundulan
Pados teu bendu nu ngagaduhan
Ikuti tulisan menarik ariyani syahniar lainnya di sini.