[Basa Sunda] Serat Kanggo Neng Wina

Sabtu, 27 April 2019 20:06 WIB
Bagikan Artikel Ini
img-content0
img-content
Iklan
img-content
Dukung penulis Indonesiana untuk terus berkarya

Serat kanggo Neng Wina, panyanyi pop sunda "Budak Saha".

Hey, Wina, kumaha damang?

Asa karek kamari, wanoh sareng salira. Saliwatan.

Tapi, sakali kenal, terus nancep kana ati. Soara anjeun teu daek incah.

Kalan-kalan panasaran, hayang maluruh tangtungan salira. Internet dikotektak, kliping berita diilikan. Weleh teu nimu.

Anjeung tetap jadi sosok misterius. Ukur nu kagambar dina video klip wungkul: geulis, manis, kalan-kalan andalemi, kadang-kadang ngagetkeun.

Ari haleuang anjeun, tetep jadi buruan. Dikumpulkeun, dipake batur ngaliwatan mangasa. Basa rek reup sare, base gogolehean nineung ka lembur.

Kungsi rada kaget, nimu lagu anjeung, Cinta nu Nganteng, bet aya di karaoke. Eyleuh-euleuh asa kumaha.

Ka beh dienakeun antukna manggihan raratan. Najan nelah Wina anjeun teh aslina mah Wina Juliana. Kalahiran Bandung, 4 Juli 1992.

Anjeun euyeub ku bakat. Meureun nurun ti biang salira anu oge panyanyi, Lilih Tariah.

Haleuang Tunggul Rahayu teh jadi album perdana anjeun nu dikaluarkeun taun 2005.

Satuan saentasna, kaluar lagu anu ngajawulkeun ngaran salira: Budak Saha.

Loba lagu anjeun nu geus kaluar. Ngabandunganana asa nimu mutiara kasundaan nu geus lila ilang ditinggal ngumbara.

Ari lagu nu cop pisan jeung kuring maih, lian ti Budak Saha, teh Inget ka Lembur, Cinta nu Nganteng, jeung kasatiaan.

Wina, tos gaduh lagu anyar deui? Ti kajauhan asa hese ngabandungan ketak salira. Padahal ati mah terus ajol-ajolan dijurung kahayang.

Hoyong oge neuleuman kahirupan sapopoe anjeun. Naha saendah suara anjeung?

Hey, Wina... !(*)

Versi Youtube di handap ieu:

Foto: Youtube

Bagikan Artikel Ini
img-content
Mang Ujang

Penulis Indonesiana

0 Pengikut

Baca Juga











Artikel Terpopuler











Terpopuler di Peristiwa

img-content
img-content
img-content
img-content
Lihat semua